PEMUDA MUSLIMIN INDONESIA

The Indonesian Muslims Youth Organization

Posts Tagged ‘lacak’

Reugepaneun…!!!

Posted by Heru Tjokro pada Januari 5, 2012

Eling- eling mangka eling

Rumingkang di bumi alam

Darma wawayangan bae

Raga taya pangawasa

Nyucruk galur ti Karuhun

Nutur lacak para Wali

Nu nyambuang ka balarea

Titinggal ti Nini Aki

Ngawaris kabudayaan

Seni Sunda sawer asih

Seni Sunda pikeun suluk

Gambaran siloka diri

Hirup ulah rek ka jongjonan

Mawa diri sing taliti

Satincak make pikiran

Pikiran ieu pepeling

Pepeling Jalan Pituduh

Nuduh keun diri cing lirih

Hahalang lugay disingray

Mun hayang salamet diri

Di dunya ukur ngumbara

Peupeujeuh cing repeh rapih

Repeh rapih nu salembur

Kacai jadi saleuwi

Kadarat jadi salogak

Pageuh pakuat pakait

Ulah ingkah balilahan

Ancrubna ngajadi hiji

 

Ngahiji ngajadi dulur

Sadaya mahlukna Gusti

Hubungan sabilulungan

Keudalkeun katineung ati

Ka Ibu sareng ka Rama

Neneda ka Maha Suci

Neda agung cukup lumur

Neda jembar pangaksami

Bilih aya kalepatan

Seueur pisan ka kirangan

Amin ya robbal alamin

Muga Gusti nangtayungan

Posted in ~Rohangan Sunda~ | Dengan kaitkata: , , , , , , , , , , , , , | 1 Comment »