PEMUDA MUSLIMIN INDONESIA

The Indonesian Muslims Youth Organization

PALISAPAH NYAKOLA – NYANTIKA – NYUNDA – NYANTRI

Posted by Heru Tjokro pada Januari 4, 2012

NYAKOLA

Salah sahiji hal anu mindeng ngajadikeun para guru mangsa kiwari jadi dumareuda nyaéta nalika ditanya ngeunaan fungsi institusi sakola.  Sebenerna basajan pisan, fungsi sakola nyaéta pikeun ngawangun paripolah!  Anu aya kaitanana jeung ieu téh geus lila pisan sabenerna urang Sunda miwanoh kana palasipah sakola. Sakola ngarupakeun paripolah atawa sikep akademis anu kacida jelas tungtunanana dina Al Qur’an.

“Jeung mangkadé anjeun ulah nurutan (migawé) sarupaning bab anu anjeun henteu miboga élmuna, saenyana pangrungu, paninggal, jeung haté sakumna bakal dipénta tanggung jawabna.” [al Isra:36]

Pangjéntré palasipah sakola nyaéta kumaha urang dina maripolah sapopoéna, pangpangna dina migawé hiji ham, kudu dumasar kana disiplin élmu anu jelas. Patani jeung élmu tanina, politisi jeung élmu politikna, tentara jeung ilmu militerna, padagang jeung élmu dagangna, guru jeung élmu atikanana, jeung sajabana. Manusa nu nyakola bakal katinggali ogé dina mangsa manéhna ngomong atawa nepilein hiji argumen. Sabab didasaran ku élmu satuluyna argumen-argumen atawa kekecapanana bisa babari dipiharti ku pihak lian.

Sikep nyakola ogé bakal nyegah urang gampil dihasut atawa diprovokasi. Manusa anu nyakola bakal nalungtik jeung nimbang-nimbang saasak-asakna dina mangsa narima pangajak pikeun ancrub kana salah sahiji pasualan atawa kaayaan. Sikep nyakola mawa urang kana kaayaan pinuh ku panimbang-tarayju jeung pinuh ku panalungtikan dina harti anu positif.

Sshadé-hadéna institusi nu pangwangun sikep nyakola (idealna) nyaéta sakola formal. Parandéné kitu ieu lain “harga mati”. Henteu saeutik anu mampuh ngawasa sarupaning kaahlian tanpa ngaliwatan margana sakola. Jadi, dina kaitan kaayeunakeun, sikep nyakola henteu kudu “berbanding lurus” jeung kahontalna daria sakola.

Kacindekan: Sikep nyakola nyaéta paripolah dumasar kana skala kepinteran intelegensia (IQ).

NYANTIKA

Nyantika asalna tina kecap santika anu hartina atikan. Dina konteks ieu nyaéta atikan anu gembleng anu henteu ngan dihontal nvaliwatan marga daria sakola. Sikep nyantika miboga dangiang anu béda dibandingkeun jeung sikep nyakola. Lamun sikep nyakola boga tujuan dina kemampuhan intelegensi ari sikep nyantika mah nekeunkeun dina pangawasaan emosional. Jalma anu miboga sikep nyakola tanpa diiringkeun ku sikep nyantika bakal jadi jalma sombong, egois, jeung arogan atawa merekedeweng.

Sikep nyantika nyaéta saluyu jeung dawuhan Allah swt dina Al Quran:

“Sakumna (manusa) ka jalan Rabb-anjeun jeung hikmah atikan anu hadé jeung tolak maranéhanana ku cara anu hadé” (Q.S. An-Nahl : 125).

Secara operasional, urang Sunda miboga sawatara babasan anu sabenerna sacara universal ngaujuk kana ayat di luhur. Babasan saperti malapah gedang jeung caina herang laukna beunang nyaéta salah sahiji contona. Paribas atawa babasan éta mangrupa pesen turun-tumurun subagé “pusaka” malahmandar urang Sunda ngajauhan tina sikep konfrontatif anu tangtu bakal ngahasilkeun kontra produktif. Mangabad-abad lilana nyatana urang Sunda aya dina cita rasa anu luhur dina hal human relation. Sahiji ajén nilai anu perlu dilestarikeun sakuat tanaga.

 Kacindekan : Sikep nyantika nyaéta paripolah anu dumasar kana skala kapinteran emosional (EQ).

NYUNDA

Baheula balaréa urang Sunda hirup dina “isme” Sunda anu gembleng. Tah ieu anu dina jamanna diistilahkeun subagé “nyunda”. Sendi-sendi kahirupan saperti ekonomi, politik, sosial, budaya, pertahanan, jeung kaamanan sakumna dumasar kana isme Sunda. Dina hal budaya misalna: ti mimiti seni, basa, busana, teknologi, nepi ka padumukan jeung panganjrekan, kabéhanana dumasar kana budaya Sunda.

Sajalan jeung waktu sendi-sendi kasebut hiji-hiji jadi udar. Anu utamana leupas tangtuna agama. Hal ieu kacida “kasat mata” anu antukna mayoritas urang Sunda ayeuna ngagem Islam. Kondisi anu tangtuna baé kacida dipihanjeluna ku maranéhna anu masih dalit nganut agama karuhun. Parandéné kitu tangtu baé henteu dipikahanjakal, samalah disyukuran, ku urang Sunda anu boga kayakinan yén Islam téh hiji-hijina agama anu haq.

 Tah kitu leupasna sendi-sendi kasebut, leupas hiji hiji anu antukkna ngan nyésa hiji sendi wungkul anu kondisina geus di tungtung tanduk. Sendi éta nyatana basa Sunda!

Jaman aeyuna konsep nyunda tangtu hkudu diséréd. Sacara nyantika urang tangtu teu bisa ngondisikeunana, komo deui kalayan dipaksa, supaya urang Sunda bisa nyunda dina harti siga jaman baheula. Kumaha bisana urang meredih barudak ngora jaman ayeuna kuliah kalayan make calana pangsi, kameja kamprét, iket barangbang semplak, jeung mawa laptop ngagunakeun kanjut kundang. Urang ogé henteu mungkin masang beungeut sangar nalika para nonoman ngadéngékeun lagu-lagu milik Nining Meida AS ku basa Sunda tapi dipirig ku musik diatonis. Tuluy naha aya syarat pangiritna supaya urang Sunda disebut nyunda ? Aya, nyaéta lamun manéhna daék ngagunakeun basa Sunda wakti “berkomunikasi” jeung sasama urang Sunda. Tangtu dina kontes “tepat waktu sesuai tempat”.

Kajaba sendi agama, sabenerna sikep nyunda bisa dibalikkeun kana konsep awalna. Tangtu baé saluyu jeung babasan “nincak hambalan” saluyu jeung prioritas. Jeung prioritas yeuna nyaéta ngupayajen nyegah sangkan basa Sunda henteu leungi lebih ilang tanpa karana. Ieu penting pisan ngingetkeun yén basa téh syarat minimal manusa Sunda bisa disebut nyunda.

Kacindekanana: Syarat minimal hiji jelema disebut nyunda nyaéta daék ngomong ku basa Sunda.

NYANTRI

Kecap nyantri boga konotasi jeung jelema anu maluruh elmu agama Islam di pesantrian atawa pesantrén. Hal ieu masih kénéh jadi paradigma balaréa di masyarakat urang ngingtkeun ayana dikotomi antara definisi sakola kana definisi pesantrén. Henteu babari meresihan paradigma ieu sanajanayeuna geus loba pesantrén modern anu sacara komprehensif henteu ngan ngatik imtaq tapi ogé iptek. Mangkan dina konteks ieu panulis kudu “ngéléhan” tina paradigma umum anu nempatkeun pesantrén subagé institusi atikan anu orientasina ngan wungkul dina masalah imtaq.

Iman jeung taqwa nyaéa dua parameter sakaligus barometer Islam anu “berbanding luru”s. Beuki luhur kadar iman hiji jalma beuki raket kataqwaanana. Kitu deui sabalikna. Taqwa mindeng dikaitkeun kana Allah jeung iman. Malahan taqwa mimitina tinai iman. Taqwa tumuwuh tina iman. Iman nyaéta perkara asas anu perlu dipeka di jero haté jalma leuwih ti heula. Lamun iman anu dipelak téageus sajati kakara bakal lahir taqwa dina diri éta jalma. Sabab iman téh hambalihambalan, henteu sakabéh hambalan iman bisa ngahasilkeun taqwa. Jalma anu iman can tangtu taqwa. Tapi jalma anu taqwa geus tangtu imanna.

Dawuhan Allah ta’ala:

“Saenyana jalma-jalma anu ariman téh ngan jalma anu lamun disebutkeun nami Allah tuluy ngageter haté maranéhanana téh, jeung lamun dibacakeun ka maranéhanana ayat-ayat Kami tuluy beuki nambahan kaimananana téh. (QS. al-Anfal: 2)

Taqwa nyaéta kumpulan skumna kahadéan anu hakékatna mangrupa parippolaj hiji jalma pikeun nangtayungan dirina tina hukuman Allah jeung kataatan anu sagemblengna ka Mantenna. Asal-usul taqwa nyaéta ngajaga tina kamusyrikan, dosa jeung kajahatan sarta hal-hal anu matak jadi cangcaya (syubhat).

Dawuhan Allah dina surat Ali Imran ayat 102 anu unina, “Geura taqwa anjeun skaumna jeung sebener-benerna taqwa jeung sam-sakali anjeun ulah maot kajaba dina kaayaan muslim”, boga harti yén Allah kudu diturut jeung henteu ditolak, diiinget jeung henteu dipopohokeun, ditasyakuran jeung henteu dipapalérkeun.

Kacindekan : Sikep nyantri nyaéta paripolah anu dumasar kana iman jeung taqwa (imtaq). Dina élmu psikologi ngadeukeutanana nyaéta sikep anu dumasar kana skala kapinteran spiritual (SQ)

 Pangguar : Manik Sundayana, Diropéa ku: Ki Jagasatru

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

 
%d blogger menyukai ini: