PEMUDA MUSLIMIN INDONESIA

The Indonesian Muslims Youth Organization

NII Lain ‘Separatis’ Ogé Lain ‘Makar’

Posted by Heru Tjokro pada Desember 26, 2011

SAJARAH perjoangan ngadegkeun nagara Islam dimimitian nalika Sekarmadji Maridjan Kartosoewirjo mroklamasikeun ngadegna “Negara Islam Indonésia” (NII). Numutkeun carita, naskah proklamasina saterusna ditiron ku Soekarno pikeun jadi naskah proklamasi kamerdékaan Indonésia ping 17 Agustus 1945. Dokumén sajarah asli téks Proklamasi mangrupa tulisan leungeun Bung Karno écés katingali loba corétanana. Kusabab kitu, éta naskah téh mangrupa tironan atawa jiplakan tina naskah proklamasi nagara Islam nu dijieun Kartosoewirjo.

Nagara Islam Indonésia geus diproklamirkeun ku SM Kartosoewirjo ping 7 Agustus 1949, di Désa Cisampah, Kecamatan Ciawiligar, Kawedanan Cisayong Tasikmalaya, Jawa Barat. Unggel téks proklamasina saperti dihandap ieu:

 PROKLAMASI

Berdirinja NEGARA ISLAM INDONESIA

Bismillahirrahmanirrahim Asjhadoe anla ilaha illallah wa asjhadoe anna Moehammadar Rasoeloellah

Kami, Oemmat Islam Bangsa Indonésia MENJATAKAN:

Berdirinja “NEGARA ISLAM INDONESIA”

Maka hoekoem jang berlakoe atas Negara Islam Indonésia itoe, ialah: HOEKOEM ISLAM.

Allahoe Akbar! Allahoe Akbar! Allahoe Akbar!

Atas nama Oemmat Islam Bangsa Indonésia

Imam NEGARA ISLAM INDONESIA
Ttd.
(S. M. KARTOSOEWIRJO)
MADINAH-INDONESIA, 12 Sjawal 1368 / 7 Agoestoes 1949

Ping 7 Agustus 1949 éta bareng jeung miangna Bung Hatta ka Belanda pikeun ngayakeun perundingan Méja Bundar nu dipungkas ku kakuciwaan. Hasil perundingan, Irian Barat henteu diasupkeun kana dipasrahkeunana kadaulatan Indonésia jeung lahan ékonomi masih dicepeng ku kapitalis barat.

Nagara Islam Indonésia (NII) diproklamasikeun di daérah nu dikawasa ku Tentara Belanda, nyaéta daérah Jawa Barat nu ditinggalkeun ku TNI (Tentara Nasional Indonésia) ka Jogya. Demi daerah de facto RI waktu harita saukur ti Yogyakarta jeung teu kurang ti tujuh Kabupaten. Numutkeun fakta-fakta perundingan jeung Karajaan Belanda; perjanjian Linggarjati taun 1947 hasilna de facto RI kari pulo Jawa jeung Madura. Demi Perjanjian Renville taun 1948, de facto RI téh ngawengku Yogyakarta. Sakabéh kapuloan Indonésia kaasup Jawa Barat éta kabéh masih dikawasa ku Karajaan Walanda.

Jalaran kitu, teu bener upama aya nu nétélakeun yén NII téh diadegkeun jeung diproklamasikeun di jero nagara Republik Indonésia. NII diadegkeun di daerah nu masih dikawasa ku Karajaan Belanda! Kusabab kitu, NII ogé lain separatis ogé lain tindakan makar.

Tapi, NII jeung orhanisasina Darul Islam (DI) katut balatentarana dikawentar ku sebutan Tentara Islam Indonesia (TII), éta dibuburak bébéakan ku rezim Soekarno nu didukung ku Partai Komunis Indonésia (PKI).

Ari partéy gedé séjénna waktu harita, Masyumi (Majelis Syura Muslimin Indonésia), henteu milu buburak, saukur teu ngadukung, sok sanajan orhanisasi Darul Islam nu awal mulana mah ngaranna téh Majelis Islam éta hiji orhanisasi dina cangkinganMasyumi nu saterusna misahkeun manéh.

Hiji tokoh kahot ti Masyumi, almarhum M. Isa Anshary taun 1951 nétélakeun:

“Henteu aya hiji muslim, bangsa naon jeung dimana baé ayana nu teu mibanda karep jeung hayang Darul Islam. Saukur jalma nu geus bejad moral, iman jeung Islam-na, nu teu satuju kana ngadegna Nagara Islam Indonésia. Saukur jalan jeung cara majoangkeun idiologina éta aya nu béda jeung di pasimpangan jalan. Jalan nu béda jauh. Nu hiji bajoang dina wates-wates hukum, sacara légal jeung parleméntér, nya éta pisan Masyumi. Nu séjénna bajoang ku pakarang, ngadegkeun nagara jero nagara, nya éta pisan Darul Islam” (Majalah Hikmah, 1951).

Nalika Masyumi nyepeng pamaréntahan, M. Natsir ngirim surat ka S.M. Kartosoewirjo pikeun ngajak anjeunna katut sabalad-baladnanu aya di gunung pikeun bajoang deui ku cara légal-formal. Tapi M. Natsir meunang jawaban ti S.M. Kartosoewirjo: “Jigana ki dulur acan narima proklamasi kuring ” (Majalah Hikmah, 1951).

Saba’da “Imam” NII SM. Kartosoewirjo ditéwak jeung ditibanan hukum pati taun 1962, rezim Soekarno ogé Soeharto ngabakutet NII nepika kiwari. Polana sarua, nyaéta ku cara nugaskeun nu jadi jongosna pikeun nyieun polah nu ngaruksak, saperti nu dilakukuen ku NII KW IX. Saba’da dirurucah jeung diruksak, éta jongos “bernyanyi” yén manéhna téh hiji anggahota kelompok Islam nu rék ngadegkeun Nagara Islam.

Atawa ngaruksakna téh ku cara ngagunakeun atribut Islam. Ceuk salah saurang Kaptén nu nepika kiwari masih kénéh jumeneng tur jadi saksi hirup, jeung nu séjénna ogé masih kénéh loba, katohyan aya bédana antara “DI Pengrusak” jeung “DI Kartosuwiryo”, nyaéta atribut nu digunakeun ku “DI Pengrusak” rupana beureum. Sedengkeun “DI Kartosuwiryo” mah héjo.

Sabenarna, Nagara Islam Indonésia éta masih aya jeung bakal tetep aya, sok sanajan sabagian anggahota-anggahota Darul Islam téh geus tilar dunya, tapi diyakinkeun, ide Nagara Islam Indonésia bakal tetep méncrang di bumi Indonésia.

MÉMANG, ahir-ahir ieu mingkin loba “tokoh Islam” nu némbongkeun karempan jeung kasieunna ku isu nagara Islam. Mantan Ketua Umum PBNU, Abdurrahman Wahid (Gus Dur) misalna, sacara togmol jeung balaka nétélakeun: “Musuh utama kuring mah taya lian iwal Islam Kanan, nyaéta jalma-jalma nu ngaharepkeun Indonésia dumasar kana Islam jeung miharep lumangsungna Syaré’at Islam” (Republika, 22 September 1998). “Urang bakal nanjeurkeun jeung ngalarapkeun sékularisme, bari teu nyebutkeun yén éta téh sékularisme,” tegesna.

Salah sahiji partéy nu asasna Islam nu lahir dina jaman réformasi, malah teu bisa nyumputkeun karempan jeung kasieunna sok sanajan dibungkus dina rétorika ngaliwatan slogan gagah: “Urang teu merlukeun nagara Islam. Nu penting mah nagara nu Islami”. Malahan, dina hiji pidato pulitikna, presidén éta partéy nétélakeun: “Pikeun urang mah taya masalah, naha nu jadi pamingpin téh hiji muslim atawa lain, nu penting mah manéhna bisa merenahkeun ajén-inajén universal saperti kajujuran jeung kaadilan”.

Kawilang rongkahna kasieun kaum Muslimin kana isu Nagara Islam, leuwih ti karémpan jeung kasieunna urang kafir jeung sekuler, nepika maranéhna teu sadar yén sagala rupa isme (faham) atawa Idéologi di ieu dunia téh bajoang pikeun ngahontal kakawasaan pikeun ngadegkeun nagara dumasar kana isme atawa idéologi nu diagemna. Salila 32 taun kumawasana rezim Soeharto, sosialisasi ngeunaan Nagara Islam Indonésia saolah-olah eureun.

Ti saprak ngadegna Republik Indonésia, nepika kiwari rayat ieu nagri umumna, geus ditipu ku panguasa. Umat Islam nu nempatan jumlah mayoritas geus disasarkeun pamahaman sajarah perjuangan Islam-na. Geus sakuduna, umat Islam sadar yén di Indonésia téh kungsi aya hiji gerakan anak bangsa nu satékah polah ngawangun supremasi Islam, nyaéta Nagara Islam Indonesia (NII) nu geus diproklamirkeun, 7 Agustus 1949, turta bisa dipertahankeun pancegna salila 13 taun lilana (1949-1962).

Tapi rezim nu kumawasa geus ngaropéa atawa ngamanipulasi éta sajarah. Antukna, umat Islam Indonésia teu apal jeung nyaho kana sajarahna nu katukang-tukang.

Ngaran hadé NII ogé geus loba dipitenah tur digeugeuleuh, utamana ku diwangunna hiji gerakan jama’ah nu dijieun ku Intelijen RI bari mawa ngaran NII KW IX. Ieu gerakan dipingpin ku A.S. Panji Gumilang nu kawéntar ku sebutan Abu Toto. Bukti tina kalibetna intelijen dina ieu gerakan nyaéta ieu gerakan téh ti mimiti ngadeg nepika kiwari teu kungsi dibubarkeun. Ciri lianna ieu gerakan : teu kungsi méré iber nu écés ngeunaan Aturan hukum nu diguratkeun ku Kartosoewirjo ngeunaan gaganti Imam minangka nu neruskeun perjoanganna (id.wikipedia.org).

SM. Kartosoewirjo ogé nepika kiwari jadi pribadi atawa sosok kontrovérsi turta dicap “pemberontak”. Tapi fakta nu sabenerna, Kartosoewirjo éta “penyelamat” wilayah Indonésia. Saperti nu dibéjérbéaskeun di luhur, NII diproklamasikeun di luar wilayah RI. Nalika Soekarno jeung tentara Republik pindah ka Yogyakarta, balukar tina Perjanjian Renville, wilayah Indonésia harita nalika prokmalasi NII saukur kari Yogya jeung sabudereunana. Wilayah nu masih nyésa ogé terus diparebutkeun antara Belanda jeung Indonésia.

Bisa disebutkeun, balukar tina Perjanjian Renville, Republik Indonésia geus teu aya dikieuna. Nu aya téh saukur nagara-nagara sarikat. Wilayah Jawa Barat waktu harita malahan disarankeun ku Belanda sangkan diwangun jadi “Nagara Pasundan”.

Nalika Jawa Barat aya dina kaayaan vacuum of power, Soekarno maréntahkeun ka sakabéh pasukan Divisi Siliwangi pikeun pindah ka Yogyakarta dumasar kana perjanjian Rénville. Tapi S.M. Kartosoewirjo bareng jeung pasukanna (Hizbullah katut Sabilillah asal Jawa Barat; Sayap Militer Masyumi) nampik pikeun pindah ka Yogya. Malahan bareng jeung pasukanna, manéhna satekah polah mertahankeun wilayah Jawa Barat (www.kaskus.us).

Wallahu a’lam.

tulisan….

(ASM Romli, tina pirang-pirang iber).*

 sumberna punten hilap deui….


Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

 
%d blogger menyukai ini: